Kecap Rajékan

Kecap Rajékan - Hallo sahabat DATA KERJA GURU DAN INFORMASI PNS, Pada Artikel yang anda baca kali ini dengan judul Kecap Rajékan, kami telah mempersiapkan artikel ini dengan baik untuk anda baca dan ambil informasi didalamnya. mudah-mudahan isi postingan yang kami tulis ini dapat anda pahami. baiklah, selamat membaca.

Judul : Kecap Rajékan
link : Kecap Rajékan

Baca juga


    Kecap Rajékan



    Kecap Rajékan
    Karya: Rizki Siddiq Nugraha

    Kecap Rajékan

    Kecap rajékan nyaéta kecap anu wangunna disebut dua kali atawa leuwih, boh sabagian atawa sagemblengna. Kecap rajékan aya sababaraha macem, nyaéta:

    1. Rajékan dwipurwa
    Rajékan dwipurwa nyaéta kecap anu dirajékna engang mimiti. Contona:
    Sapu : sasapu
    Sentak : sesentak
    Dupak : dudupak
    Tanya : tatanya
    Letak : leletak
    Conto kalimah:
    Udin sasapudi pakarangan.
    Ti isuk-isuk ema sesentak waé.
    Ulah dudupakmun leumpang téh!
    Mun nyasab mah tatanya wé.
    Kahade gogog éta mah sok leletak.

    2. Rajékan dwimadya
    Rajékan dwimadya nyaéta kecap anu dirajékna engang di tengah. Contona:
    Sabaraha : sababaraha
    Sapeuting : sapeupeuting
    Sapoé : sapopoé
    Salembur : salelembur
    Sajalan : sajajalan
    Conto kalimah:
    Geus sababarahapoé mang Ujang teu balik ka imah.
    Kuring teu bisa saré sapeupeuting.
    Indit ka sakola téh geus jadi pagawéan sapopoé.
    Kalakuan Icih mah matak guyur salelembur.
    Sajajalantetempoan téh éndah.

    3. Rajékan dwilingga
    Rajékan dwilingga nyaéta kecap anu dirajékna sakabéhna. Rajékan dwilingga aya dua (2) macem, nyaéta:
    a. Dwimurni
    Dwimurni nyaéta kecap anu dirajékna sagemblengna bari teu dirobah sorana. Contona:
    Budak : budak-budak
    Leutik : leutik-leutik
    Guru : guru-guru
    Buku : buku-buku
    Kaca: kaca-kaca
    Contoh kalimah:
    Budak-budakgé geus pohoan.
    Leutik-leutikulah sok iinditan peuting.
    Guru-gurukeur rapat.
    Pang mawakeun buku-bukunu aya dina lomari!
    Mang Iwa keur nyieun kaca-kaca.
    b. Dwiréka
    Dwiréka nyaéta kecap anu dirajékna sagemblengna bari robah sorana. Contona:
    Balik : bolak-balik
    Lieuk : luak-lieuk
    Ilik : ulak-ilik
    Tulang : tulang-taléng
    Tulis : tulas-tulis
    Conto kalimah:
    Titatadi Eman katempo bolak-balik waé.
    Saacan meuntas téh kudu luak-lieuk heula bisi loba mobil.
    Indit ka kota téh kur érék ulak-ilik hungkul.
    Rajen méré kur tulang-taléng.
    Ulah sok tulas-tulisdina tembok.

    4. Rajékan trilingga
    Rajékan trilingga nyaéta kecap rajékan tilu kali bari ngarobah sora. Ilaharna kecap anu dirajék téh ngan ukur saengang. Contona:
    Hah : hah-héh-hoh
    Blag : blag-blig-blig
    Pak : pak-pik-pek
    Conto kalimah:
    Manéhna nyarita meni hah-héh-hoh.
    Barudak blag-blig-bluglulumpatan di nu leueur.
    Kusabab sakeudeung deui rék indit, Mirna meni pak-pik-pek.


    Demikianlah Artikel Kecap Rajékan

    Sekianlah artikel Kecap Rajékan kali ini, mudah-mudahan bisa memberi manfaat untuk anda semua. baiklah, sampai jumpa di postingan artikel lainnya.

    Anda sekarang membaca artikel Kecap Rajékan dengan alamat link https://datakerjapns.blogspot.com/2017/10/kecap-rajekan.html

    Subscribe to receive free email updates:

    Related Posts :